Sakitar 250 taun leuwih katukang aya hiji jalma nu luhung ku elmu jembar ku pangabisa, anu namina Bapa Sobagi, dupi padumukanana di wewengkon karajaan Kasepuhan, anu ayeuna kateulah Cirebon. Dina hiji mangsa Bapa Sobagi kenging pancen ti guruna kedah ngodongkapan kahiji tempat anu aya di wewengkon Karajaan Galuh (Ciamis) nyaeta tempatna anu ayeuna diaranan Desa Panjalu (Ciamis). Angkatna ti Cirebon dugi ka Panjalu Bapa Sobagi teu nganggo tunggangan nanaon, boh nganggo kuda sumawona mobil mah, istuning anjeuna kudu leumpang. Di sateungahing perjalanan anjeuna ngaraos cape tur lungse anu teu aya papadana, nya di hiji lembur anu masih keneh geueuman tur can loba kasorang ku jalma, Bapa Sobagi ngareureuhkeun kacapena tur ngadon niis sakeudeung di eta lembur. Saatosna ngareureuh jeng niiskeun badana Bapa Sobagi angkat deui neruskeun leumpangna rek ka Panjalu. Dina mangsa mulangna ti Panjalu Bapa Sobagi ngaliwat deui ka eta lembur anu dipake ngareureuh ku anjeuna, karna ngarasa kataji ku hawana nu tiis tur loba cai, Bapa Sobagi ngadon niis jeng ngereureuh deui di eta tempat.
Bapa Sobagi kenging pancen ti guruna lain ngan ukur ka Lembur Panjalu wungkul, oge anjeuna sok kenging pancen kudu ngadatangan ka Lembur Tasik, ka Garut jeng ka daerah nu sejena anu aya di wewengkon pakidulan, dupi tugasna Bapa Sobagi ti nu janten guruna teh nyaeta kanggo nyiarkeun agama islam, salian ti eta oge Bapa Sobagi kudu tulung tinulung ka papada jalma anu ngabutuhkeun anjeuna, ku dumasar hal eta Bapa Sobagi atuh mindeung pisan lumampah tur ngaliwat ka lembur nu sok dipake reueueh jeng niis ku anjeuna.
Dina hiji mangsa Bapa Sobagi nuju niis di eta lembur pependak sareng wanoja anu anu namina Nyi Endot, anu ahirna eta wanoja teh dijantenkeun istri anjeuna, saatosna nikah Bapa Sobagi pindah padumukan anu asalna ti Cirebon pindah ka lembur nu sok di pake ngereureuh jeng niis ku anjeuna. Di eta lembur Bapa Sobagi di pika serab, dipika ajrih ku balarea, dipikolot ku rahayat karana Bapa Sobagi luhung ku elmu jembar ku pangabisa.
Dina hiji mangsa usum halodo anu kacida poharana, di lembur anu ditempatan ku anjeuna teh teu aya cai, tatangkalan paraeh, pepelakan loba nu teu jaradi, nepi kapare teu aya kusabab garing, teu aya cai. Dina mangsa harita jalma-jalma anu pakasabanana kabeh tani ngarasa hariwang tur saleumpang ku tatanena bisi teu jaradi, paraeh kusabab teu aya cai, rahayat di eta lembur mikumaha ka Bapa Sobagi, nuhunkeun dipangdu’akeun ka Alloh mugi-mugi eta lembur jadi loba cai. Teras prak Bapa Sobagi dina poe eta anjeuna ngadu’a ka Alloh, teras Bapa Sobagi neangan hulu cai anu aya di eta lembur sareng Bapa Sobagi mawa awi bitung anu panjangna sadeupa jeng mawa cai saeutik, nepi ka sareupna weuleh anjeuna can manggihan kana hulu cai anu aya di lembur eta.
Dina poe isukna Bapa Sobagi neangan deui hulu cai, dina hiji tempat Bapa Sobagi ningali hulu cai anu caina tinggal saeutik, Bapa Sobagi bungah kacida manggihan kana hulu cai eta, prak wae Bapa Sobagi nanceubkeun awi bitung anu dibawana sareng cai anu saeutik dibanjurkeun kana eta awi bitung.
Saengges sapoe eta cai anu aya dina hulu cai beuki euweuh, rahayat loba nu teu percaya ka Bapa Sobagi, namung Bapa Sobagi henteu aral subaha anjeuna teras-terasan ngadu’a jeng nuhunkeun pituduh ka Allah SWT. Poe isukna teu aya gugur teu aya hujan kersana Allah, ujug-ujug cai cur-cor di ditu di dieu, sumur-sumur parinuh kucai, hulu cai anu ditanceuban ku awi bitung teu sakara-kara kersaning Allah SWT eta hulu cai teh ngaluarkeun cai anu pohara gedena, Bapa Sobagi bungah nu taya hinggana, rahayat oge ngarasa bungah tur gumbira. Ti kawit harita hulu cai anu di tanceuban awi bitung sadeupa ku Bapa Sobagi diaranan hulu cai Cimaniis.
Ti saprak kajadian harita rahayat eta lembur beuki ajrih jeng beuki percaya kana elmu Bapa Sobagi, di eta lembur Bapa Sobagi di pikolot ku sakabeh rahayat, anu ahirna Bapa Sobagi di jadikeun Demang (kuwu) ku rahayat eta lembur. Ti kawit Bapa Sobagi dijadikeun Demang (Kuwu) ku rahayat di eta lembur, anjeuna mere ngaran ka eta lembur teh nyaeta lembur MANIIS, lembur tempat ngareueruh jeung niis anjeuna dina mangsa anjeuna nuju lumampah di piwarang ku guruna ka wewengkon pakidulan.
Parantos mangrupikeun qodo jeng qodar Allah SWT Bapa Sobagi dugi kana waktosna di pundut ku nu Kagunganana, mulih kajati mulang ka asal, maot namina. Bapa Sobagi di kureubkeun di lembur kapungkur tempat anjeuna reureuh jeng niis, nyaeta lembur Maniis, saatosna maot Bapa Sobagi kateulah ku sebutan Uyut Demang dugi ka ayeuna. Anu ahirna eta lembur ti saprak Bapa Sobagi jadi Demang (Kuwu) dugikeun ka ayeuna di namian LEMBUR MANIIS/DESA MANIIS.
Sumber :
- Sejarah Desa Maniis
- Tokoh Masyarakat